...

Sabtu, 26 Juni 2010

Fardhu wudhu numutkeun elmu khilaf

بِسْمِ اللهِ الرَّ حْمَنِ الرَّ حِيْمِ
اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَّى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَ اَلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلِّمْ

FARDU WUDHU AYA 6:
1.Niat Wudhu ( maksadna nyaeta ngahaja migawe perkara pagawean ( dina perkara ieu wudhu ) ari tempat niat nyaeta hate maksadna yen niat mung pagawean hate anu teu aya sangkut pautna sareung lisan. Ari niat di pigawe dina mimiti ngawasuh bagean raray.)
2.Ngawasuh raray ( tegesna ngawasuh raray sakali nyaeta ngalirkeun cai kaluhurna , sabab harti ngawasuh eta Ngalirkeun . Ari wates-wates raray eta panjangna ti tungtung taar/tarang bagean luhur dugika 2 tulang angkeut/gado beulah handap, hal ieu dumasar pidawuh Allah tina surat Al-maidah ayat ka 6 :
“mangka kudu ngawasuh anjeun kana raray anjeun “.
3.Ngawasuh 2 panangan dugika 2 sikuna ( ari siku nyaeta engsel tulang anu ngahubungkeun leungeun kana panangan, 2 sikku eta anu wajib di wasuh , hal ieu sakumaha cindekkeun ku ayat Qur`an, si sagigireun eta dumasarkeun hadits riwayat Jabir ra. Anjeunna ngadawuh :

“ Rosul alloh salawasna ngalirkeun cai kana 2 sikuna “.
( hadits Tobroni ).
4.Ngusap Sapalih mastaka( kalawan cai, tegeusna ceukap kalawan ngusap kirang ti saparapatna jadi saumpamina hiji jalmi ngusap mung kana sabagean alitna mastaka, mangka hal ieu eta sah, dumasar kana hadits riwayat Mugiroh bin Syu`bah :

“ Nabi Saw wudhu, mangka diusap embun-embunanna sarta sorbanna, kitu deui 2 sapatuna “.
( hadits Muslim )
5.Ngawasuh 2 sampean dugika mumuncangan
6.Tartib / wudhu halna tutur-tinutur ( berurutan )
( kitu soteh numutkeun madzhab Syafi`I )


Sedengkeun numutkeun madzhab maliki Fardhu wudu aya 7:
1.Niat Wudhu
2.Ngawasuh raray
3.Ngawasuh 2 panangan dugika 2 sikuna
4.Ngusap Sadaya mastaka ( kalawan cai, tegeusna ngusap sakabehna )
5.Ngawasuh 2 sampean dugika mumuncangan
6.Fauur tegesna ( dina waktu ) harita keneh, hanteu kaselang ku jarak waktu anu lila nyatana anggahota wudhu anu tos di wasuh can balik deui garing )
7.Tadliik A`lal mu`tamadi ingdahum ( tegesna ngosokkan anggahota wudhu numutkeun cariosan anu bisa dipercaya mungguh para Ulama maliki ).
Ari Hukum Tartib numutkeun madzhab Maliki eta Sunah sanes fardhu hal eta dumasar kana hadits riwayat Ibnu Abbas ra. :

أنّ النبي صلعم توضّأ فغسل وجهه ويديه ثمّ رجليه ثم مسح رأسه بفضل وضوئه
“ Nabi saw. Wudhu , mangka manteunna Saw. Ngawasuh raray sareung 2 pananganna, lajeung 2 sampeanna , lajeung manteunna ngusap mastakana kalawan sesa cai wudhuna.”


Saheulaan eta numutkeun madzhab Hambali fardhu wudu eta aya 6 :

1.Ngawasuh raray sareung kaleubeur sapalih tina raray ari baham sareung pangambung
2.Ngawasuh 2 panangan dugika 2 sikuna
3.Ngusap Sadaya mastaka ( kalawan cai, sareung kaleubeut sadaya mastaka ari 2 ceupil )
4.Ngawasuh 2 sampean dugika mumuncangan
5. Tartib / wudhu halna tutur-tinutur ( berurutan )
6.Muwaalaah nyatana tuluy-tuluy dina ngawasuh anggahota demi anggahota wudhu, sahingga antara ngawasuh hiji anggahota kalawan anggahota sejenna hanteu kaseulang jarak waktu, anu dina jangka waktu eta wasuhan anggahota kahiji geus balikdeui garing.
Ari Hukumna Niat numutkeun madzhab hambali eta Syarat sahingga lamun dipigawe samemeh pagawean wudhu , mangka sah eta wudhu
Sawatara eta madzhab hambali nambihan kana fardhu wudu ari kekemu jeung ngaleubeutkeun cai kana pangambung kalayan pertimbangan yen baham sareung pangambung kaleubeut kajero daerah raray, sarta ngusap 2 ceupil sabab 2 ceupil kaleubeut wates-wates mastaka.


Sedengkeun numutkeun madzhab Hanafi Fardhu wudu aya 4:

1.Ngawasuh raray
2.Ngawasuh 2 panangan dugika 2 sikuna
3.Ngusap Saparapat mastaka ( kalawan cai )
4.Ngawasuh 2 sampean dugika mumuncangan
Ari Hukumna Niat numutkeun madzhab Hanafi eta Sunnah kajaba lamun wudhu kalawan cai urut sesa nginum kuda kacang mangka niat eta fardhu kitu deui lamun wudhu kalawan cai peresan qorma atanapi nalika Tayamum mangka Niat eta fardhu.
Ari Hukum Tartib numutkeun madzhab Hanafi eta Sunah sanes fardhu hal eta dumasar kana hadits riwayat Ibnu Abbas ra. :

أنّ النبي صلعم توضّأ فغسل وجهه ويديه ثمّ رجليه ثم مسح رأسه بفضل وضوئه
“ Nabi saw. Wudhu , mangka manteunna Saw. Ngawasuh raray sareung 2 pananganna, lajeung 2 sampeanna , lajeung manteunna ngusap mastakana kalawan sesa cai wudhuna.”

( dituqil tina kitab fauz wannajah sayyid Tijaani )

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

...